Rabu, 04 Mei 2011

1.Hikayah Jumeuneungna Syeikh Salim bin Samir Al-Hadhromi r.a.


Anu ngarang kitab Safinatun Naja Fiima Yajibu `ala A`bdi Ii Maulah" ( parahu kasalameutan dina mempelajari kawajiban hiji abdi ka Pangeran-na ) ieu, nyaeta hiji U`lama anu agung anu bangeut kawentar nyatana Syeikh Salim bin Abdullah bin Sa`ad bin Sumair Al-hadhromi r.a. Manteunna eta mangrupikeun hiji Faqih ( Ahli elmu fiqih ) sareung hiji Suufi ( Ahli Tashowwuf ) anu ngamadzhab ka Imam Syafi'i. Saliyan ti eta, manteunna oge eta saurang pangatik anu kasohor ikhlas tur shobar, hiji hakim anu a`dil sareung zuhud kana dunya, malahan manteuna oge saurang politikus sareung panilik militer pirang-pirang ­nagara Islam. Manteunna dibabarkeun di desa Dziasbuh, nyatana hiji desa di daerah Hadramaut nagara Yaman, anu kasohor salaku pusat lahirna Para Geugeuden U`lama dina sagala rupi widang elmu ka­agamaan.
Sakumaha kasauran Geugeuden Para U`lama sanesna, Syekh Salim ngawitan atikanna kana widang Al-Qur'an dina asuhan pangatikan Ramana nyatana Syeikh Abdullah bin Sa`ad bin Sumair Al-hadhromi r.a. anu eta ramana oge mangrupikeun salahsawios U`lama Agung. Dina eta waktos anu sakeudap Syekh Salim mampuh ngarengsekeun diajarna dina eta widang Al-Qur'an , malahan manteunna ngeupeul hasil anu sae tur prestasi anu luhur. Manteunna oge diajar widang-widang elmu sanesna sapertos elmu basa arab ( elmu lughoh ), nahwu, shorof, ma`ani,bayan, bade`, manthiq, elmu fiqih,elmu khilaf ( elmu perbedaan pendapat imam 4 madzhab ), elmu ushul, elmu tafsir, elmu tashowwuf, sareung elmu taktik militer Islam. elmu-elmu anu parantos disebatan eta, sadaya manteunna pelajari ti para geugeuden U`lama anu ka weuntar dina abad ka-12 H di daerah Hadhramaut, nagara Yaman. Anu kacateut sapalihna jeuneungan para guruna diantawis nyaeta :
  1. Syekh A`bdullah bin Sa'ad bin Sumair
  2. Syekh A`bdullah bin Ahmad Basudan
Saparantos neuleuman rupi-rupi elmu agama, dipayuneun para ulama sareung para guruna anu kawentar, manteunna ngawitan ngalengkah da`wah ilallohna kalayan padameulanna salaku guru Al Qur'an di leumburna, dina waktos enjing-enjing sareung pasosonteun, hanteu liren-lirenna manteuna ngawulang para santrina, sareung kalayan sabab kaikhlasan sarta kasa­baranna, mangka manteuna ngahasilkeun muridna jaranteun para ulama ahli Al-Qur'an di zamanna. Sabaraha taun salajeungna para santrina nambihan nyeueuran, jalmi-jalmi pada dararongkap ti luar dayeuh sareung daerah-daerah anu teubih sahingga manteuna ngaraos peryogi pikeun nambihan pangajaran ka para santrina sapertos elmu basa arab ( elmu lughoh ), nahwu, shorof, ma`ani,bayan, bade`, manthiq, elmu fiqih,elmu khilaf ( elmu perbedaan pendapat imam 4 madzhab ), elmu ushul, elmu tafsir, elmu tashowwuf, sareung elmu taktik militer Islam. Sahingga Syekh Salim ngahasilkeun para muridna jaranteun para u`lama anu kawentar dizamanna diantawis para muridna nyatana :
  1. Habib A`bdullah bin Toha Al-Haddar Al-Haddad.
  2. Syekh Al Faqih A`li bin Umar Baghuzah.
Saliyan salaku saurang pangatik anu ulung, Syekh Salim oge mangrupikeun saurang panilik politik Islam anu bangeut dipikaserab, manteunna seueur ngagaduhan ideu sareung sumbangan pamikiran anu ngajembatani persatuan umat Islam sareung ngabangkitkeun aranjeunna tina tinggaleun pamikiran. Di sagigireun eta manteunna oge seueur masihan dorongan ka umat Islam pikeun ngalawan para panjajah anu hayang ngareubut daerah-daerah Islam.
Dina hiji waktu nalika Syekh Salim disungkeun ku karajaan KYasiriyyah anu tempatna di daerah Yaman sangkan meser alat-alat peurang anu pangcanggihna dina eta waktu, mangka manteunna angkat ka Singapura sareung ka India pikeun eta kaperyogian. Padameulan manteunna ieu diajen bangeut sukses ku pihak karajaan, anu salajeungna ngangkat manteuna salaku staf ahli dina widang militer karajaan. Dijero waktu pangabdianna pikeun umat ngaliwatan jalur birokrasi manteuna hanteu kapangaruhan kalayan cara­-cara sareung unsur kadholiman anu merajalela di kalangan karajaan, malahan manteunna seueur masihan nasehat, ancaman, kritikan anu konstruktif ka karajaan.
Dina taun-taun salajeungna Syekh Salim diangkat ­janteun panasehat khusus Sultan Abdullah bin Muhsin. Eta Sultan ngawitanna bangeut nurut tur toah kana sadaya saran, arahan sareung nasehat manteunna. Namung nya`ah, dina taun-taun salajeungna eta sultan henteu nurut deui kana saran sareung nasehat manteuna, malahan doyong nyeupelekeun jeung ngahina manteunna, eta kajadian janteun nambih-nambih goreng kaayaanna sabab hanteu aya pihak-pihak anu mampuh ngadameikeun duanana, sahingga dina puncakna eta kaayaan nyababkeun anggangna hubungan antara duanana. Kalayan eta kajadian , komo deui ninggal sikeup sultan anu hanteu sportif, mangka Syekh Salim megatkeun pikeun angkat ninggalkeun Yaman. Dina eta kaayaan anu kirang kondusif, tungtungna manteunna ninggalkeun karajaan Kasiriyyah jeung hijrah nuju ka India. Eta kaayaan kirang jeulas sabaraha lami manteunna linggih di india, sabab dina waktos salajeungna, manteunna hijrah ka nagara Indonesia, pasna di Batavia atanapi Jakarta upami ayeuna mah.
Salaku hiji U`lama anu kapandang sadaya tindak tandukna ngajanteunkeun perhatosan para pangikutna, mangka perpindahan Syekh Salim ka pulo Jawa nyeubar luas kalayan peusat, jalmi-jalmi dararongkap aleut-aleutan ka Syekh Salim pikeun nyuprih elmu atanapi nyuhunkeun du`a ti manteunna. Ninggal eta kaayaan mangka Syekh Salim ngadeugkeun pirang-pirang majlis elmu sareung majlis da`wah ilalloh, ampir dina saban dinteun manteunna ngahadiran eta pirang-pirang majlis, tungtungna makin ngiatan posisi manteunna di BATAVIA ( JAKARTA ) dina eta waktu. Syekh Salim bin Sumair dipiwanoh bangeut teugas dina ngadeugkeun bebeneuran, naon bae resiko anu di singhareupanna. Manteunna oge hanteu mika reuseup lamun aya para ulama nyakeutan, manteunna oge hanteu resep gaul sakumaha umumna jalma-jalma , nya kitu deui hanteu reuseup janteun budak para pajabat. Reumeun pisan mateunna masihan nasehat sareung kritikan anu peureus ka para u`lama sareung para kiai anu reuseup bolak-balik ka para pajabat pamarentah Belanda. Martin van Bruinessen dijero seuratanna ngeunaan kitab koneng ( hanteu sadaya seuratanna dimufakatan ) oge sempat masihan komentar anu menarik ka tokoh urang ieu.
Dina sababara alenia anjeunna nyarioskeun per­bedaan pandangan jeung pamadeugan anu karandapan antara dua urang geugeuden u`lama nyatana Sayyid Utsman bin Yahya ( mufti batawi ) sareung Syekh Salim bin Sumair, anu tos kajanteunan perdebatan di kalangan umum dina eta waktu, nyatana Syekh Salim kirang panuju kana pamadeugan Sayyid Utsman bin Yahya anu loyal ka pamarentah kolonial Belanda. Sayyid Ustman bin Yahya nyalira dina eta waktu salaku Mufti Batavia anu diangkat sareung dipanujuan ku kolonial Belanda, seudeungkeun usaha ngajern­batani jurang pamisah antara `Alawiyyin ( Habaib ) reujeung pamarentah Belanda, sahingga manteunna ngaraos peryogi pikeun nyandak hatena para pajabatna.
Ku sabab eta, manteunna masihan fatwa-fatwa hukum anu saolah-olah ngadukung program jeung rencana pamarentah Belanda. Hal eta anu salajeungna nyababkeun Syekh Salim ka libat dina polemik anu panjeung reujeung Sayyid Ustman, anu nganggap manteunna hanteu konsisten dina mempertahankeun bebeneuran. Teu teurang kumaha penye­lesaianna anu karandapan dina eta waktu, anu jelas eta carita cukup kuat pikeun ngagambarkeun ka urang sadayana ngeunaan sikeup jeung pamadeugan Syekh Salim bin Sumair anu bangeut anti reujeung pamarentah anu dholim, nya kitu deui para panjajah ti kaum kuffar.
Sok sanajan Syekh Salim saurang anu sibuk dina rupi-rupi kagiatan sareung jabatan, namung manteunna oge eta hiji jalmi anu bangeut seueur dzikir ka Alloh SWT . jeung deui dipikawanoh salaku hiji jalmi anu ahli kana qiroatus sab`ah. Salahsawios rerencanganna nyaetana Syekh Ahmad Al-Hadhrawi ti Mekkah nyarioskeun: "Kaula kantos ninggal sareung ngarungu Syekh Salim ngakhotamkeun Al Qur'an mung dina kaayaan Thawaf di Ka'bah". Syekh Salim tilar dunya di Batavia dina taun 1271 H (1855 M).
Manteunna parantos ngantunkeun sababaraha karanganna diantawisna Kitab Safinah nyatana kitab anu parantos ditarjamahkeun ieu. Al-Fawaid AI-Jaliyyah. Hiji kitab anu nyawad sistem perbankan konfensional dina kaca mata syare'at
Sajorelat ngeunaan Kitab Safinah
Kitab Safinah ngagaduhan nami lengkeup " Safinatun Naja Fiima Yajibu `ala A`bdi Ii Maulah" ( parahu kasalameutan dina mempelajari kawajiban hiji abdi ka Pangeran-na ) .Ieu Kitab sok sanajan leutik wangunna tatapina bangeut ageung mangfaatna. Di saban kampung, dayeuh sareung nagara , ampir sadaya jalmi mempelajari ieu kitab , malahan nalarna , naha dina kaayaan nyorangan atanapi dina kaayaan kolektif. Di sawatara nagara, ieu kitab tiasa dipendakan kalayan gampil komo deui disawatara lembaga pangatikan. Sabab para u`lama atanapi para santri bangeut reuseup mempelajarina kalayan ati-ati sareung khusyu.Hal ieu karandapan sabab sababarah faktor, di antawisna:
  • Ieu kitab nyakup poko-poko agama halna ter­padu, kumplit tur utuh, dimimitian kalawan bab dasar-­dasar syare'at, salajeungna bab susuci, bab sholat, bab zakat, bab puasa jeung bab haji anu ditambihan ku para u`lama sanesna.
  • Ieu kitab disajikeun kalawan basa anu gampang, susunan anu hampang sareung redaksi anu gampang dipaham sarta diapal. Hiji jalmi anu serius sareung ngagaduhan kahoyong anu luhur bakal mampuh nalar sadaya eusina, mung dina waktu 2 atanapi 3 sasih atanapi langkung enggal ti eta..
  • Ieu kitab diseurat ku hiji u`lama anu kasohor dina rupi-rupi widang elmu kaagamaan, utamina fiqh sareung tashowwuf. Anu bangeut menarik, jalmi-jalmi langkung ngawanoh kana kitabna tinimbang jeuneungan anu ngarangna. Hal anu samodel kitu mangrupikeun barokah tina kaikhlasan sareung ka­tulusan anu ngarang.
  • Ieu kitab janteun acuan para ulama dina maparinkeun pangaweuruh dasar agama pikeun anu ngawitan ngelmu di Indonesia, Hadramaut Yaman, Madinah, Mekkah sareung nagara sanesna.
  • Ieu kitab nyarioskeun pirang-pirang perkara anu reumeun janteun pangabutuh sapopoe hiji muslim dina kahirupan sapopoe, sahingga sadaya jalmi ngaraos peryogi pikeun mempelajari­na.
  • Ieu kitab kalayan widi Alloh SWT. Sareung Pangeursana parantos nyeubar halna rubak di kalangan para pecinta elmu fiqih utamina anu nganut Madzhab Imam Syafi'i ra.
  • Ieu kitab dipikawanoh disawatara nagara naha di arab atanapi di Ajam sapertos : Indonesia, Yaman, Mekkah, Madinah, Jeddah, Somalia, Ethopia, Tanzania, Kenya, Zanjibar, sareung disawatara belahan nagara-nagara Afrika.Namung kitu deui perhatosan anu bangeut ageung ngeunaan ieu kitab parantos dipaparinkeun ku para u`lama sareung pecinta elmu, anu jumeuneung di semenanjung Melayu kaleubeut Indonesia, Malaysia, Singapura, sareung nagara-nagara sanesna.
  • Ieu kitab oge parantos ditarjamahkeun dina rupi-rupi basa aheng sapertos Indonesia, Melayu , Sunda, India, Cina, sareung sanesna.
Kalayan perhatosan anu khusus sareung antusias anu luhur ti para u`lama parantos ngakhidmah (ngabdi) kana kitab Safinah saluyu sareung kamampuhan kalayan kamampuhan sareung ka ahlian aranjeunna nafsi-nafsi. Seueur diantara aranjeunna anu nyeurat syarah (buku pen­jelasan) kitab Safinah, di antawisna :
  1. Kitab Kasyifatus Saja ala Safinatin Naja ( nyingkap tabir popoek kalayan syarah kitab safinah). Ieu Kitab syarah eta anu agung tur nyeubar rubak ti anu sanesna, dipinuhan kalayan masalah-masalah fiqih anu poko tur mendasar. Ieu kitab diseurat ku hiji u`lama ti Jawa Barat nyatana Syekh Nawawi bin umar al-jawi at-tanara al-bantani) r.a. Manteunna dibabarkeun di kampung tanara serang Banten dina taun 1230 H (1815M) nyatana turunan ka 12 ti maulana hasanudin banten bin raden syarif hidayatulloh sunan gunung jati cirebon, salajeungna manteunna angkat ka Mekkah pikeun nyuprih elmu nalika alit keneh. saparantos mendalami elmu agama, di dayeuh suci Mekkah, manteunna oge diajar ti para ulama di dayeuh suci Madinah, Syiria, sareung Mesir. Manteunna ngajar di Masjidil Haram Mekkah salami puluhan taun dugika tilar dunya dina taun 1314 H (1897 M)
  2. Kitab Durrotu Tsaminah Hasyiyah ala Safinah Naja (Permata anu mahal dina katerangan safinah). Ieu kitab bangeut penting pikeun dipikamilik ku para pecinta elmu, sabab dikumplitan ku pirang-pirang dalil anu sumbeurna tina Al-­Qur'an sareung Hadits Nabi saw. Ieu kitab diseurat ku Syekh Ahmad bin Muhammad Al-Hadrowi, hiji u`lama ti Mekkah. Ieu kitab diseurat dina mimitina di dayeuh Musowwi' Ethiopia, kalayan pituduh guruna nyatana Syekh Muhammad Asy-Syadzili Maroko sareung direngsekeun di dayeuh Thoif. Panulis ieu syarah dibabarkeun di Iskandariah Mesir dina taun 1252 H (1837 M) , sareung tilar dunya di Mekkah dina taun tahun 1327 H (1909 M).
  3. Kitab Nailur Raja Syarah Safinah Naja ( Ngaraih hareupan kalawan syarah safinah).Diseurat ku Sayyid Al-Habib Ahmad bin U`mar Asy-Syatiri. kalahiran Tarim Hadramaut dina taun 1312 H (1895 M), sareung tilar dunya dina yuswa anom keneh nyatana yuswa 50 taun.
  4. Kitab Nasiimul Hayah Syarah Safinah Naja( Ngaraih hareupan kalawan syarah safinah).Diseurat ku Syekh Al-Faqih Al-Qodhi Abdullah bin Awad bin Mubarok Bukair, hiji u`lama Hadramaut Yaman. kalahiran desa Ghail Bawazir taun 1314 H (1897 M). sareung tilar dunya dina taun 1399 H (1979 M) di dayeuh Mukalla
  5. Kitab Innarotud Dduja Bitanwiril Hija SSyarah Safinah Naja ( Nyaangan popoek kalawan paneurangan anu payus kalawan syarah safinah). Diseurat ku Madzhab Maliki nyatana Syekh Muhammad bin Ali bin Husein Al-Maliki, kalahiran Mekkah taun 1287 H ( 870 M) sareung tilar dunya dina taun 1368 H (1949 M).
Ti kalangan para u`lama aya oge anu katarik ngajanteunkeun ieu kitab safinah dina wangun syair-syair anu di­gubah kalayan gampang tur endah, kacateut di antara pirang-pirang jeuneungan aranjeunna nyaeta :
  1. Sayyid Habib Abdullah bin Ali bin Hasan AI-Haddad.
  2. Sayyid Habib Muhammad bin Ahmad bin Alawy Ba~agil.
  3. Kiyai Syekh Shiddiq bin Abdullah, Lasem.
  4. Syekh Muhammad bin Ali Zakin Bahanan.
  5. Sayyid Habib Ahmad Masyhur bin Thoha Al-Haddad.
  6. Sareung para u`lama sanesna.
Ari Alloh Swt. eta anu langkung Uninga.

2. BUBUKA KITAB


بسم الله الرحمن الرحيم
الحمد لله رب العالمين ، وبه نستعين على أمور الدنيا والدين ،وصلى الله وسلم على سيدنا محمد خاتم النبيين ،واله وصحبه أجمعين ، ولاحول ولا قوة إلا بالله العلي العظيم ،
Kalawan nyebat jeuneungan Alloh anu maha welas tur anu maha asih
Ari sadaya pujian eta tetep milik Alloh anu mangeranan pirang-pirang alam
Sareung mung ka Alloh nyuhunkeun pitulung abdi sadaya kana pirang-pirang perkara dunya sareung agama ( tegesna ngamangfaatkeun perkara dunya pikeun beukeul akherat ), sareung muga maparin rohmat Alloh swt ka jungjunan abdi sadayana tegesna kangjeung Nabi Muhammad Saw. Anu janteun panutup sadaya nabi sareung ka kulawargina, para shohabatna tegeusna sadayana. Hanteu aya daya upaya ( tina midameul ma`siyat ) sareung hanteu aya kakiatan ( tina midameul thoa`ah ) anging kalawan pitulung Alloh anu maha luhur tur maha agung
Bismillaahi : ngawitan abdi ngaos kana ieu kitab ( safinatunnaja hartosna parahu kasalameutan ) bari ngalap barokah kalawan nyeubat jeneungan Gusti Alloh.
( ari sifatna Alloh eta ) Arrohmaani : anu maha welas Alloh tegesna anu maparinan ni`mat Ageung Alloh di dunya sareung di akherat
( ari sifatna Alloh eta ) Arrohiimi : tur anu Maha Asih Alloh tegesna anu maparinan ni`mat Alit alloh di akhirat ka mukmin wungkul.
Alhamdu : ari sadaya pujian / ari jinis puji
Lillaahi : eta teuteup milik Alloh / eta teuteup kagungan Alloh
Robbil ‘Aalamiina : anu Mangeranan pirang-pirang alam / anu ngurus sadaya alam.
Wabihii : sareung mung ka gusti Alloh wungkul.
Nasta’iinu : nyuhunkeun pitulung abdi sadaya.
‘Alaa Umuuriddunyaa : kana mang pirang-pirang urusan dunya
Waddiini : sareung urusan agama / pikeun akherat
Washolla : sareung mugi maparinan Rohmat
( saha ) Allohu : Gusti Alloh.
Wassalama: sareung mugi maparinan Hurmat Alloh
‘Alaa Sayyidinaa: ka Jungjunan abdi sadaya.
Muhammadin: teugesna Kanjeung Nabi Muhammad.
Khootimin Nabiyyiina : anu janteun Panutup para Nabi
Wa Aalihii : sareung ka kulawargina Kanjeung Nabi
Washohbihii : sareung ka para shohabatna Kanjeung Nabi
Ajma’iina : teugesna sadayana
Walaa Haula : sareung hanteu aya daya upaya kanggo nyingkahan maksiat.
Walaa Quwwata : sareung hanteu aya kakiatan kanggo ngalakonan tho’at.
Illaa Billaahi : anging kalawan Pitulung Alloh.
( ari sifatna Alloh eta ) al’aliyyi : anu maha Luhur Alloh
( ari sifatna Alloh eta ) al ‘Azhiimi : tur anu maha Agung Alloh.

3. RUKUN ISLAM

(فصل) أركان الإسلام خمسة : شهادة أن لاإله إلاالله وأن محمد رسول الله وإقام الصلاة ، وإيتاء الزكاة , و صوم رمضان ، وحج البيت من استطاع إليه سبيلا .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang rukun islam eta aya lima perkara :
1.nyaksian saestuna hanteu aya pangeran anu wajib di ibadahan anging Allaoh swt.
2.migawe sholat
3.mikeun zakat
4.puasa di sasih romadhon
5. munggah hajji ka baetulloh lamun kawasa di jalanna
FASHLUN : ARI IEU ETA HIJI FASAL ETA FASAL SAHIJI
Arkaanul Islaami : ari pirang-pirang Rukun Islam
( eta ) Khomsatun : aya 5
Al-Awwalu : ari ka 1 na
( eta ) Syahaadatu : nyakseni
Al Laa Ilaaha : hanteu aya Pangeran anu wajib di ibadahan.
Ilalloohu : anging Gusti Alloh.
Wa Anna Muhammadan : sareung nyakseni kana saestuna Kanjeung Nabi Muhammad
( eta ) Rosuululloohi : utusan Alloh.
Wats-Tsani : sareung ari ka 2 na
( eta ) Iqoomush-Sholaati : ngadeugkeun Sholat.
Wats-Tsalitsu : sareung ari ka 3 na
( eta ) Iitaauz-Zakaati : nyumponan Zakat.
War-Roobi`u : sareung ari ka 4 na
( eta ) Shoumu Romadhoona : Puasa di bulan romadhon.
Wal khoomisu : sareung ari ka 5 na
( eta ) Hijjul Baiti: munggah haji ka Baetulloh ( ka`bah ).
Man : ka jalma anu
Istathoo’a : kawasa.
Ilaihi : kana munggah haji
Sabiilan : di jalanna. .

4.Rukun Iman


(فصل ) أركان الإيمان ستة: أن تؤمن بالله ، وملائكته، وكتبه ، وباليوم الآخر ، وبالقدر خيره وشره من الله تعالى .
Arkaanul imaani Sittatun : An Tu’mina Billaahi , Wa Malaaikatihii , Wa Kutubihii , Wa Rusulihii , Walyaumil Aakhiri , Wabilqodari Khoyrihi Wasyarrihi Minalaahi
Ta’aalaa
.
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang rukun iman eta aya 6 perkara :
1.Yen percaya kalayan yaqin anjeun ka Alloh
2. Yen percaya anjeun ka pirang-pirang malaikat-Na
3. Yen percaya anjeun kana pirang-pirang kitab-Na
4. Yen percaya anjeun ka pirang-pirang Utusan-Na
5. Yen percaya anjeun kana poe akhir ( qiamah )
6. Yen percaya anjeun kana papasten tegesna saena sareung awonna ti Alloh Swt.

5.Hartina lafazh Laailahaa Illalloh

(فصل ) ومعنى لاإله إلاالله : لامعبود بحق في الوجود إلا الله .
Wama’naa Laa Ilaaha Illallaahu Laa Ma’buda Bihaqqin Fil Wujuudi Illallaahu .
Ari ieu hiji pasal
Ari ma`nana teu aya pangeran anging Alloh nyaeta hanteu aya deui anu wajib di ibadahan kalayan saleresna di alam wujud ieu ( alam dunya ) anging Alloh Swt.

6.Ciri-ciri Baleg ( dewasa )

(فصل ) علامات البلوغ ثلاث : تمام خمس عشرة سنه في الذكروالأنثى ، والاحتلام في الذكر والأنثى لتسع سنين ، و الحيض في الأنثى لتسع سنين .
‘Alaamaatul Buluughi Tsalaatsun : Tamaamu Khomsa ‘Asyaro Sanatan Fidzdzakari Wal Untsaa , Wal Ihtilaamu Fidzdzakari Wal Untsaa Litis’i Siniina , Wal Haidhu Fil Untsaa Litis’i Siniina .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang cirina baleg ( dewasa ) eta aya 3 rupa :
1. geus sampurna umur 15 taun pikeun lalaki jeung pikeun awewe
2.ngimpi jima` ( sok sanajan teu kaluar mani ) pikeun lalaki jeung pikeun awewe karana umur ( minimal ) 9 taun
3.kaluar geutih hed pikeun awewe karana geus umur 9 taun ( kalawan itungan taun Hijriyyah ).

7.Susuci Kalawan batu ( Istinja )


(فصل) شروط إجزاء الحَجَرْ ثمانية: أن يكون بثلاثة أحجار ، وأن ينقي المحل ، وأن لا يجف النجس ، ولا ينتقل ، ولا يطرأ عليه آخر ، ولا يجاوز صفحته وحشفته ، ولا يصيبه ماء ، وأن تكون الأحجار طاهرة.
Syuruuthul Istinjaai Bilhajari Tsamaaniyatun : An Yakuuna Bitsalaatsati Ahjaarin , Wa An Yunqiya Al-Mahalla , Wa An Laa Yajiffa An-Najisu , Walaa Yantaqila , Walaa Yathroa ‘Alaihi Aakhoru , Walaa Yujaawiza Shofhatahu Wahasyafatahu , Walaa Yushiibahu Maaun , Wa An Laa Takuuna Al-Ahjaaru Thoohirotan .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang syarat cukupna susuci ku batu eta aya 8 :
1.yen bukti susucina teh make 3 batu ( tungtungna )
2.yen bersih tempatna ( tina najis )
3.yen teu acan garing najisna
4.ulah pundah-pindah eta najis ( tina tempat kaluarna )
5.ulah datang kana eta najis teh najis anu sejen ( najisna hanteu katimpa ku najis anu sejenna )
6.ulah ngaliwat eta najis teh kana bobokongna ( pikeun anu buang air besar ) jeung kana hasafahna ( hulu dzakar ) ( pikeun anu buang air kecil )
7.ulah keuna kana eta najis teh cai ( najisna ulah kakeunaan cai ).
8.yen bukti eta batu teh suci ( kaayaan batuna kudu suci )


CARA BEBERESIH KU BATU :
Cokot hiji batu kalawan panangan katuhu, teuras geurakkeun rarangan ( sirit konci ) 3 kali kalawan panangan kenca, teuras usapkeun rarangan kalawan panangan kenca kana batu anu aya dipanangan katuhu, sahingga bagean anu diusapkeun katinggal garing, pigawe 3x kalawan 3 batu, upami hanteu meunangkeun batu , mangka cekap kalawan 3 lembar kaen atawa tisu atawa 3 siki kramik atawa tilu keupeul taneuh ( anu suci ) atanapi ngusapkeunna kana taneuh atanapi tembok.
Sedengkeun pikeun istinja kana dubur : candak batu kalawan panangan kenca sareung gosokkeun tibagean hareup neupika bagean tukang dubur teuras batuna di piceun, lajeung candak deui batu anu kadua sareung gosokkeun ti bagean pengkeur dugika bagean payun dubur, teuras batuna di piceun, salajeungna candak deui batu anu katilu sareung gosokkeun barina muteur di sakurilingeun liang dubur., sareung eta tos ceukap, upami masih keneh katinggal aya kokotor dina batu anu katilu, mangka tambihan 2 batu deui sahingga janteun 5 batu, upami teu acan bersih keneh , tambih deui janteun 7 batu atanapi 9 batu,. Janteun batu terakhir kedah ganjil.
( upami zaman kiwari mah batu teh tiasa di gentos ku tisu, utamina mah upami istinja diluhur kapal udara naha dina munggah hajji, umroh atanapi angkat-angkatan ).
CARA BEBERESIH KU CAI :
Ceukeul rarangan ku panangan kenca sareung seblok ku cai kalawan katuhu saseueur 7x
Sareung piikeun dubur, usap dubur kalawan panangan kenca sareung seblok ku cai kalawan panangan katuhu sababaraha kali dugi ka yakin eta dubur tos leureus-leureus bersih sok sanajan istinja kalawan batu dikengengkeun tatapina istinja kalawan cai langkung diutamikeun.

8.Fardhu Wudhu

(فصل ) فروض الوضوء ستة: الأول:النية ، الثاني : غسل الوجه ، الثالث: غسل اليدين مع المرفقين ، الرابع : مسح شيء من الرأس ، الخامس : غسل الرجلين مع الكعبين ، السادس :الترتيب .
Furuudh Al-Wudhuui Sittatun : Al-Awwalu Anniyyatu ,Ats-Tsaani Ghoslu Al-Wajhi , Ats-Tsaalitsu Ghoslu Al-Yadaini Ma’a Al-Mirfaqoini, Ar-Roobi’u Mashu Syaiin Min Ar-Ro’si , Al-Khoomisu Ghoslu Ar-Rijlaini Ilaa Al-Ka’baini , As-Saadisu At-Tartiibu .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang fardhuna wudhu eta aya 6 perkara :
1.niat wudhu
2.ngawasuh raray
3.ngawasuh panangan dua nepika siku duanana
4.ngusap kana hiji perkara tina mastaka ( kalawan cai )
5.ngawasuh sampean dua nepika mumuncangan duanana
6.tartib

9.Harti Niat


(فصل ) النية : قصد الشيء مقترنا بفعله ، ومحلها القلب والتلفظ بها سنة ، ووقتها عند غسل أول جزء من الوجه ، والترتيب أن لا يقدم عضو على عضو .
Wanniyyatu Qoshdu Asy-Syaii Muqtarinan Bifi’lihi . Wa Mahalluhaa Al-Qolbu . Wattalaffuzhu Bihaa Sunnatun . Wa Waqtuhaa ‘Inda Ghosli Awwali Juz’in Minal wajhi . Wattartiibu An Laa Tuqoddima ‘Udhwan ‘Alaa ‘Udhwin
.
Ari ieu hiji pasal
Ari ngaran niat eta neja kana hiji perkara bari dibarengan kalawan migawena ( tegesna ngahaja migawe hiji perkara dibareungan kalawan pagawean ) , ari tempatna niat eta dijero hate , ari ngucapkeunnana kana eta lafazh niat eta hukumna sunnah , ari waktuna niat dina wudhu nyaeta dina nalika ngawasuh bagean mimiti anu diwasuh tina raray , ari ngaran tartib nyaeta yen ulah ngaheulakeun hiji jalma kana hiji anggahota mandeurikeun kana anggahota anu sejen ( kudu ngaheulakeun anu tiheula jeung kudu mandeurikeun anu pandeuri tegesna kudu berurutan ).

10.Babagean Cai

10.Babagean Cai


(فصل ) الماء قليل وكثير : القليل مادون القلتين ، والكثير قلتان فأكثر.
Walmaau Qoliilun Wa Katsiirun . Al-Qoliilu Maa Duunal Qullataini . Walkatsiiru Qullataani Fa Aktsaru
Ari ieu hiji pasal
Ari cai eta aya cai anu sakeudik sareung aya cai anu seueur, ari cai anu ( dianggap ) sakeudik ( ku hukum Islam ) nyaeta cai anu kirang ti 2 qullah sareung ari cai anu seueur eta aya 2 qullah atanapi langkung seueur ti 2 qullah
( panjeulasanna ) :
Ukuran 2 qullah numutkeun orang bagdad ( irak ) eta 500 kati Bagdad, numutkeun ukuran tempat eta sasiku saparapat pasagi atanapi kirang langkung 6x6x6 dm3 =216 dm3 = 216 letter ( satoreun anu 250 letter langkung sae ).
القليل يتنجس بوقوع النجاسة فيه وإن لم يتغير .
Al-Qoliilu Yatanajjasu Biwuquu’innajaasati Fiihi Wain Lam Yataghoyyar .
ari cai anu sakeudik eta hukumna jadi mutanajis ( jadi najis ) kusabab katibaan najis dina eta cai sanajan hanteu barobah,
( panjeulasanna ) :
Contona saperti cai anu kurang ti 216 leter , heg di angge adus junub mangka teu sah adus junubna sabab eta cai jadi najis ( mutanajis ) sabab ka keucretan / balik deuina cai kana eta tempat cai. Sedengkeun upami cai anu langkung ti 216 leter sok sanajan ka keucretan / balik deuina cai kana eta tempat cai mangka tetep sah adusna sok sanajan adusna sabari ngojay atanapi teuleum.
والماء الكثير لا يتنجس إلا إذا تغير طعمه أو لونه أو ريحه.
Walkatsiiru Laa Yatanajjasu Illaa Idzaa Taghoyyaro Tho’muhu , Aw Lawnuhu , Aw Riihuhu .
sareung ari cai anu seueur eta hanteu jadi mutanajis ( hanteu jadi najis ) kajaba dimana-mana barobah rasana eta cai atanapi rupana eta cai atanapi ambeuna eta cai

11.Anu ngawajibkeun Mandi ( adus )


(فصل ) موجبات الغسل ستة: إيلاج الحشفة في الفرج ، وخروج المنى والحيض والنفاس والولادة والموت .
Muujibaatul Ghusli Sittatun : Iilaajul Hasyafati Fil Farji , Wakhuruujul Maniyyi , Wal Haidhu , Wannifaasu , Wal Wilaadatu , Wal Mautu .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang anu ngawajibkeun kana adus eta aya 6 perkara :
1.ngusapkeun hasafah dina farji
2.bijil cai mani
3.kaluar hed
4.nifas
5.ngajuru ( wiladah )
6.maot

12.Fardhu Mandi ( adus )


(فصل ) فروض الغسل اثنان : النية ، وتعميم البدن بالماء .
Furuudhul Ghusli Itsnaani : Anniyyatu , Wata’miimul Badani Bil Maa’i .
Ari ieu hiji pasal
Ari fardhuna adus eta aya 2 rupa :
1.niat
2.ngawalatraan badan ku cai

13.Syarat-syarat Wudhu


(فصل ) شروط الوضوء عشرة : الإسلام ، والتمييز ، والنقاء ، عن الحيض ، والنفاس ، وعما يمنع وصول الماء إلى البشرة ، وأن لا يكون على العضو ما يغير الماء الطهور ، ودخول الوقت ، والموالاة لدائم الحدث.
Syuruuthul Wudhuui ‘Asyarotun : Al-Islamu , Wattamyiizu ,Wannaqoou ‘Anil Haidhi Wannifaasi Wa’an Maa Yamna’u Wushuulal Maai Ilal Basyaroti , Wa An Laa Yakuuna ‘Alal ‘Udhwi Maa Yughoyyirul Maa-a , Wal’ilmu Bifardhiyyatihi , Wa An Laa Ya’taqida Fardhon Min Furuudhihi Sunnatan , Wal Maau Ath-Thohuuru , Wadukhuulul Waqti , Wal Muwaalatu Lidaaimil Hadatsi .
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang syaratna wudhu eta aya 10 perkara :
1.islam
2.cedo
3.beresih tina hed jeung tina nifas
4.beresih tina perkara anu nyeugah kana neupina cai kana kulit
5.ulah aya kana anggahota wudhu teh perkara anu ngarobahkeun kana cai
6.uninga kana kafardhuannana wudhu
7.ulah nekadkeun kana hiji fardhu tina kafardhuannana wudhu kana sunnah
8.caina anu nyucikeun
9.leubeut ( manjing ) waktu
10.tuluy-tuluy pikeun jalma anu langgeung hadats.

14.Anu membatalkeun Wudhu


(فصل ) نوا قض الوضوء أربعة أشياء : (الأول) الخارج من أحد السبيلين من قبل أو دبر ريح أو غيره إلا المنى ، (الثاني ) زوال العقل بنوم أو غيره إلا نوم قاعد ، ممكن مقعده من الأرض ، (الثالث) التقاء بشرتي رجل وامرأة كبيرين من غير حائل ، (الرابع ) مس قبل الآدمي أو حلقة دبره ببطن الراحة أو بطون الأصابع .
Nawaaqidul Wudhuui Arba’atu Asyyaa-a : Al-Awwalu
Al-Khooriju Min Ihdassabilaini Minal Qubuli Wadduuri Riihun Aw Ghoyruhu Illal
Maniyya , Ats-Tsaani Zawaalul ‘Aqli Binaumin Aw Ghoyrihi Illaa Nauma Qoo’idin
Mumakkanin Maq’adahu Minal Ardhi , Ats-Tsaalitsu Iltiqoou Basyarotai Rojulin
Wamroatin Kabiiroini Ajnabiyyaini Min Ghoyri Haailin , Ar-Roobi’u Massu Qubulil
Aadamiyyi Aw Halqoti Duburihi Bibathnil Kaffi Aw Buthuunil Ashoobi’i .

Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang anu ngabatalkeun kana wudhu eta aya 4 pirang-pirang perkara :
1.anu kaluar tina salahsahijina jalan (liang) dua nyatana tina qubul atawa dubur tegesna angin atanapi lianna anging cai mani
2.ilang akal kusabab sare atanapi liyan sare kajaba sarena jalma anu diuk anu netepkeun kana bobokongna tina taneuh ( pangdiukkan )
3.paanteul kulit lalaki jeung kulit awewe anu pada geude duanana tur pada nu sejen duanana bari hanteu aya hahalang
4. nyabak qubul ( dzakar atanapi farji ) anak turunan adam atanapi bubuleud duburna anak turunan adam ku jerona dampal lengeun atanapi ku jerona pirang-pirang ramo

15.Anu diharamkeun sabab hadats Leutik, Hadats Junub sareung hed


(فصل ) من انتقض وضوؤه حرم عليه أربعه أشياء : الصلاة والطواف ومس المصحف وحمله.
Man Intaqodho wudhuu-uhu Haruma ‘Alaihi ‘Arba’atu Asyyaaa
: Ash-Sholaatu , Wath-Thowaafu , Wamassul Mush-hafi , Wahamluhu .
Ari ieu hiji pasal
Saha-saha jalma anu batal wudhuna maka eta haram ka eta jalma 4 perkara :
1.haram sholat
2.haram thowaf
3. nyabak qur`an
4.mawa qur`an
ويحرم على الجنب ستة أشياء: الصلاة والطواف ومس المصحف وحمله واللبث في المسجد وقراءة القرآن.
Wayahrumu ‘Alal Junubi Sittatu Asyyaa-a : Ash-Sholaatu , Wath-Thowaafu , Wamassul Mush-hafi , Wahamluhu , Wallubtsu Fil Masjidi , Waqirooatul Qur-aani Biqoshdil Qur-aani .
Ari ieu hiji pasal
Haram ka jalma anu junub 6 perkara :
1.haram sholat
2.haram thowaf
3. nyabak qur`an
4.mawa qur`an
5.maca qur`an
6. cicing dijero masjid
ويحرم بالحيض عشرة أشياء : الصلاة والطواف ومس المصحف وحمله واللبث في المسجد وقراءة القرآن والصوم والطلاق والمرور في المسجد إن خافت تلويثه والاستمتاع بما بين السرة والركبة.
Wayahrumu Bilhaidhi ‘Asyarotu Asyyaa-a : Ash-Sholaatu , Wath-Thowaafu , Wamassul Mush-hafi , Wahamluhu , Wallubtsu Fil Masjidi , Waqirooatul Qur-aani Biqoshdil Qur-aani , Wash-Shoumu , Wath-Tholaaqu , Walmuruuru Fil Masjidi In Khoofat Talwiitsahu , Wal Istimnaa’u Bimaa Bainassurroti Warrukbati
Ari ieu hiji pasal
Haram kusabab kaluar hed 10 perkara :
1.haram sholat
2.haram thowaf
3. nyabak qur`an
4.mawa qur`an
5.maca qur`an
6. cicing dijero masjid
7.puasa
8.haram di talak
9.haram ngaliwat dijero masjid lamun sieun anjeunna kana urat-aret geutihna ka masjid
10.dialap suka kalayan perkara antara bujal jeung tuur

16.Sabab-sabab Dimeunangkeun Tayamum


(فصل) أسباب التيمم ثلاثة: فقد الماء ، والمرض ، والاحتياج إليه لعطش حيوان محترم .
Asbaabuttayammumi Tsalaatsatun : Faqdul Maa-i , Walmarodhu , Wal Ihtiyaaju Ilaihi Li’athosyi Hayawaanin Muhtaromin .

Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang sabab anu ngameunangkeun kana tayamum eta aya 3 :
1.teu aya cai
2.geuring
3.butuh kana eta cai karana dahagana sato anu di mulyakeun

غير المحترم ستة : تارك الصلاة والزاني المحصن والمرتد والكافر الحربي والكلب العقور والخنزير .
Waghoyrul Muhtaromi Sittatun : Taarikush-Sholaati , Wazzaanil Muhshonu , Walmurtaddu , Walkaafirul Harbiyyu , Walkalbul ‘Aquuru , Walkhinziiru .
Ari anu hanteu dimulyakeun eta aya 6 :
1.anu ninggalkeun sholat
2.anu zina muhshon
3.murtad
4.kafir bangsa musuh
5.anjing anu galak
6.bagong

17.Syarat Tayamum

(فصل ) شروط التيمم عشرة: أن يكون بتراب وان يكون التراب طاهرا وأن لا يكون مستعملا ولا يخالطه دقيق ونحوه وأن يقصده وأن يمسح وجهه ويديه بضربتين وأن يزيل النجاسة أولا وأن يجتهد في القبلة قبله وأن يكون التيمم بعد دخول الوقت وأن يتيمم لكل فرض .
Syuruuthu At-Tayammumi ‘Asyarotun : An Yakuuna Bituroobin , Wa An Yakuunatturoobu Thoohiron , Wa An Laa Yakuuna Musta’malan , Wa An Laa Yukhoolithuhu Daqiiqun Wanahwuhu , Wa An Yaqshidahu , Wa An Yamsaha Wajhahu Wayadaihi Bidorbataini , Wa An Yuziilannajaasata Awwalan , Wa An Yajtahida Fil Qiblati Qoblahu , Wa An Yakuunattayammumu Ba’da Dukhuulil Waqti , Wa An Yatayammama Likulli Fardhin .

Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang syarat tayamum eta aya 10 perkara :
1.yen bukti tayamum teh ku taneuh
2.yen bukti taneuhna anu suci
3.yen ulah bukti taneuhna taneuhna teh musta`mal ( urut make )
4.yen ulah nyampuran kana eta taneuh teh tipung atanapi bangsana tipung
5.yen neja kana tayamum
6.ngusap anjeunna kana rarayna sareung kana panangan duanana kalawan dua cokotan
7.yen ngilangkeun anjeunna kana najis dina samemehna tayamum
8.yen ati-ati anjeunna dina qiblat dina samemeh tayamum
9.yen bukti tayamumna teh eta saparantos manjing waktu
10.yen tayamum anjeunna pikeun saban-saban sholat 5 waktu

18.Rukun Tayamun


(فصل) فروض التيمم خمسة : الأول : نقل التراب ، الثاني : النية ، الثالث : مسح الوجه ، الرابع : مسح اليدين إلى المرفقين ، الخامس : الترتيب بين المسحتين .
Furuudhuttayammumi Khomsatun : Al-Awwalu Naqlutturoobi , Ats-Tsaani Anniyyatu , Ats-Tsaalitsu Mashul Wajhi , Ar-Roobi’u Mashul Yadaini Ilal Mirfaqoini Al-Khoomisu At-Tartiibu Bainal Mashataini .

Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang fardhuna tayamum eta aya 5 perkara :
1.mindahkeun taneuh
2.niat
3.ngusap raray
4.ngusap panangan dua dugi kana sikuna duanana
5.tartib diantara dua usapan

19.anu ngabatalkeun kana Tayamum


(فصل) مبطلات التيمم أربعة : ما أبطل الوضوء والردة وتوهم الماء إن تيمم لفقده والشك .
Mubthilaatuttayammumi Tsalatsatun : Maa Abtholal Wudhuu-a , Warriddatu , Watawahhumul Maa-i In Yatayammama Lifaqdihi Wasysyak.

Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang anu ngabatalkeun kana tayamum eta aya 3
1.perkara anu ngabatalkeun kana wudhu
2.murtad
3.nyipta aya cai lamun tayamum anjeunna karana hanteu aya cai

20.Najis anu janteun suci


(فصل ) الذي يظهر من النجاسة ثلاثة : الخمر إذا تخللت بنفسها . وجلد الميتة إذا دبغ وما صارا حيوانا .
Alladzii Yathhuru Minannajaasaati Tsalaatsatun : Al-Khomru Idzaa Takhollalat Binafsiha , Wajildul Maytati Idzaa Dubigho , Wa Maa Shooro Hayawaanan .

Ari ieu hiji pasal
Ari perkara anu suci tina pirang-pirang najis eta aya 3
1.arak dimana jadi cuka kalawan dirina eta arak
2.kulit bangke dimana disamak
3.perkara anu jadi sato

21.Rupi-rupi Najis


(فصل) النجاسة ثلاثه : مغلظة ومخففة ومتوسطة . المغلظة : نجاسة الكلب والخنزير وفرع أحدهما . والمخففة : بول الصبي الذي لم يطعم غير اللبن ولم يبلغ الحولين. والمتوسطة : سائر النجاسات.
Annajaasaatu Tsalaatsun : Mughollazhotun , Wa Mukhoffafatun, Wa Mutawassithotun . Wal Mughollazhotu Najaasatul Kalbi Wal Khinzhiiri Wafar’i Ahadihima . Wal Mukhoffafatu Baulushshobiyyi Alladzii Lam Yath’am hoyrollabani Walam Yablughil Haulaini .wal Mutawassithotu Saairunnajaasaati
.
Ari ieu hiji pasal
Ari pirang-pirang najis eta aya 3 bagean :
1.najis mughollazhoh
2.najis mukhoffafah
3.najis mutawassitoh
Ari najis mughollazhoh eta najis anjing jeung bagong jeung peranakan salahsahijina anjing jeung bagong
Ari najis mukhoffafah nyaeta cai kiih budak lalaki anu can ngadahar kana salian ti cai susu jeung can nepi umurna kana 2 taun
Ari najis mutawassitoh nyaeta sakakarina pirang-pirang najis

22.Cara ngawasuh Najis

(فصل ) المغلظة : تطهر بسبع غسلات بعد إزالة عينها ،إحداهن بتراب . والمخففة : تطهر برش الماء عليها مع الغلبة وإزالة عينها .
Al-Mughollazhotu Tathhuru Bighoslihaa Sab’an Ba’da Izaalati ‘Ainihaa Ihdaahunna Bituroobin . Wal Mukhoffafatu Tathhuru Birosysyil Maa-i ‘Alaihaa Ma’al Gholabati Waizaalati ‘Ainihaa .
Ari ieu hiji pasal
Ari najis mughollazhoh eta suci ku 7 kumbahan saparantos ngilangkeun aenna eta najis ari salahsahijina kalawan make taneuh
Ari najis mukhoffafah eta suci ku ngefretkeun cai kana eta najis sarta ngalindih jeung saparantos ngilangkeun aenna eta najis
والمتوسطة تنقسم إلى قسمين: عينية وحكميه . العينية : التي لها لون وريح وطعم فلا بد من إزالة لونها وريحها وطعمها .
Wal Mutawassithotu Tanqosimu Ilaa Qismaini : ‘ Ainiyyatun Wa Hukmiyyatun . Al’Ainiyyatu Allatii Lahaa Launun Wa Riihun Wa Tho’mun Falaa Budda Min Izaalati Launihaa Wa Riihahaa Wa Tho’mihaa
.
Ari najis mutawassitoh eta kabagi kana 2 bagean :
1.najis ainiyyah
2.najis hukmiyyah
Ari najis ainiyyah ( bangsa dzat ) nyaeta najis anu kana eta najis aya warna jeung ambeu jeung rasa maka teu meunang hanteu tina ngaleungitkeun warnana najis ainiyyah jeung ambeuna jeung rasana
والحكمية : التي لا لون لها ولا ريح ولاطعم لها يكفيك جري الماء عليها .
Wal Hukmiyyatu Allatii Laa Launa Walaa Riiha Walaa Tho’ma
Kafaa Jaryul Maa-i ‘Alaihaa .
Ari najis hukmiyyah ( bangsa hukum ) nyaeta najis anu hanteu aya rupaan jeung hanteu aya ambeuan jeung hanteu aya rasaan nyukupkeun ka anjeun nyurulukeun cai kana eta najis hukmiyyah

23.Haid sareung Nifas

(فصل) أقل الحيض : يوم وليله وغالبة ستة أوسبع وأكثره خمسة عشرة يوما بلياليها .
Aqollul Haidhi Yaumun Wa Lailatun Wa Ghoolibuhu Sittun Aw
Sab’un Wa Aktsaruhu Khomsata ‘Asyaro Yauman Bilayaaliihaa .

Ari ieu hiji pasal
Ari pangsakeudikna zaman hed eta sapoe sapeuting jeung ari ghalib-ghalibna hed eta 6 atanapi 7 dinteun jeung ari pangseueur-seueurna hed eta 15 dinteun sarta pirang-pirang wengina.

أقل الطهر بين الحيضتين خمسة عشرة يوما وغالبه أربعة وعشرون يوما أو ثلاثة وعشرون يوما ولاحد لأكثرة .
Wa Aqolluth-Thuhri Bainal Haidhotaini Khomsata ‘Asyaro
Yauman Walaa Hadda Liaktsarihi .

Ari pangsakeudik-sakeudikna suci diantara 2x hed eta 15 dinteun jeung ari ghalib-ghalibna suci eta 24 dinteun jeung hanteu aya wateus kana seueur-seueurna suci

أقل النفاس مجة وغالبة أربعون يوما وأكثرة ستون يوما.
Aqollun-Nifaasi Majjatun Wa Ghoolibuhu Arba’uuna Yauman
Wa Aktsaruhu Sittuuna Yauman .

Ari pangsakeudik-sakeudikna zaman nifas eta sakecret jeung ari ghalib-ghalibna nifas eta 40 dinteun jeung ari seueur-seueurna nifas eta 60 dinteun.