Rabu, 04 Mei 2011

27.Derajat atanapi tingkatan Niat

(فصل) النيه ثلاث درجات : إن كانت الصلاة فرضا وجب قصد الفعل والتعيين والفرضية
Anniyyatu Tsalaatsu Darojaatin , In Kaanatishsolaatu Fardhon Wajaba Qoshdul Fi’li
Watta’yiinu Wal Fardhiyyatu ,
Ari ieu hiji pasal
Ari niat eta aya 3 tingkat :
upami aya sholat eta fardhu, mangka
1.wajib neja pagawean
2. nangtukeun waktuna
3. ngeunaan kafardhuanna

وإن كانت نافلة مؤقتة كراتبة او ذات سبب وجب قصد الفعل والتعيين ، وان كانت نافلة مطلقة وجب قصد الفعل فقط .
Wain Kaanat Naafilatan Muaqqotatan Aw Dzata
Sababin Wajaba Qoshdul Fi’li Watta’yiinu , Wain Kaanat Naafilatan Muthlaqon Wajaba Qoshdul Fi’li Faqoth .

Jeung lamun aya sholat sholat sunnah anu diwaktu-waktu sacara sholat rowatib ( qobliyyah & ba`diyyah , samemeh atanapi saparantos fardhu ) atawa sholat anu ngagaduhan sabab ( istisqo, Id, samagaha jeung sajabana ) mangka wajib neja pagawean jeung nangtukeun sababna ( sapertos “ simkuring niat sholat Istisqo / Id “hanteu diwajibkeun nangtukeun sunnahna , mung upami nangtukeunna hukumna sunnah ) jeung lamun aya sholat sholat sunnah anu muthlaq ( anu hanteu boga katangtuan ) mangka wajib neja pagawean wungkul ( sapertos :” simkuring niat sholat 2 roka`at “ ). Anu kaleubeut sholat sunnah muthlaq sapertos : sholat sunnah Tahiyatul masjid, Sunnah wudhu, Istikhoroh, Ihrom Hajji, Thowwaf , datang tina angkat-angkatan ( safar ) sareung sajabina.
الفعل :أصلي والتعيين: ظهرا أو عصرا و الفرضية : فرضا .
Al-Fi’lu Usholli , Watta’yiinu Zhuhron Aw ‘Ashron , Wal Fardhiyyatu Fardhon .

ari niat ngahaja migawe eta saperti lafazh Usholli ( ngahaja niat migawe sholat abdi ) ari nangtukeun waktuna eta saperti lafazh zhuhron atawa ashron ( kana sholat zhuhur atawa ashar ) ari ngeunaan kafardhuanna eta saperti lafazh fardhon ( fardhu anu... )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar