Rabu, 04 Mei 2011

65. WAJIB QODHO JEUNG KIFARAT PUASA

(فصل) يجب مع القضاء للصوم الكفارة العظمى والتعزير على من أفسد صومه في رمضان يوما كاملا بجماع تام آثم به للصوم

ويجب مع القضاء الإمساك للصوم في ستة مواضع:الأول في رمضان لافي غيره على متعد بفطره، والثاني على تارك النية ليلا في الفرض، والثالث على من تسحر ظانا بقاء الليل فبان خلافة أيضا ، والرابع على من افطر ظانا الغروب فبان خلافه ايضا ، والخامس على من بان له يوم ثلاثين من شعبان أنه من رمضان ، والسادس على من سبقه ماء المبالغة من مضمضة واستنشاق

( ari ieu hiji pasal )

Wajib sarta keudah ngodhoaan kana puasa jeung mayar kifarat anu beurat sarta dihukum ta`zir ( diwiwirang ) ka jalma anu ngabatalkeun kana puasa-na jalma dina bulan puasa dina sapoe anu sampurna ( full sapoe ) disababkeun pasatemon ( jima` ) anu sampurna anu dosa ( doraka ) kalawan sabab pasatemon karana arah-arah puasa ( dina kaayaan keur puasa ).

Wajib sarta keudah kodho puasa sarta nyeungkeur ( imsak ) pikeun ( nuluykeun ) puasa dina 6 pirang-pirang tempat :

Ari kahijina eta dijero bulan puasa sanes dina liyan bulan puasa pikeun jalma anu ngahaja kalawan sabab buka puasa ( fithri ) anjeunna

2.eta ka jalma anu ninggalkeun niat dina peutingna dina puasa fardhu

3. ka jalma anu saur halna nyangka kana masih keneh peuting mangka tetela sulaya sangkaanna

4.ka jalma anu buka puasa halna nyangka kana suruf panon poe mangka tetela sulaya sangka deui ( tegeusna disangkana geus suruf panon poe padahal mah can suruf )

5.ka jalma anu tetela ka eta jalma ( nganggap ) dina eta poe ( masih kaping ) 30 sasih sya`ban ( padahal ) kana saestuna eta poe tina sapalihna sasih romadhon ( tegesna kaping 1 sasih romadhon ).

6.ka jalma anu kaleupasan ka eta jalma cai anu ngabangeutkeun tina kekemu jeung ngiseup cai kana irung ( sahingga asup kajero tikorona ).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar