Rabu, 04 Mei 2011

1.Hikayah Jumeuneungna Syeikh Salim bin Samir Al-Hadhromi r.a.


Anu ngarang kitab Safinatun Naja Fiima Yajibu `ala A`bdi Ii Maulah" ( parahu kasalameutan dina mempelajari kawajiban hiji abdi ka Pangeran-na ) ieu, nyaeta hiji U`lama anu agung anu bangeut kawentar nyatana Syeikh Salim bin Abdullah bin Sa`ad bin Sumair Al-hadhromi r.a. Manteunna eta mangrupikeun hiji Faqih ( Ahli elmu fiqih ) sareung hiji Suufi ( Ahli Tashowwuf ) anu ngamadzhab ka Imam Syafi'i. Saliyan ti eta, manteunna oge eta saurang pangatik anu kasohor ikhlas tur shobar, hiji hakim anu a`dil sareung zuhud kana dunya, malahan manteuna oge saurang politikus sareung panilik militer pirang-pirang ­nagara Islam. Manteunna dibabarkeun di desa Dziasbuh, nyatana hiji desa di daerah Hadramaut nagara Yaman, anu kasohor salaku pusat lahirna Para Geugeuden U`lama dina sagala rupi widang elmu ka­agamaan.
Sakumaha kasauran Geugeuden Para U`lama sanesna, Syekh Salim ngawitan atikanna kana widang Al-Qur'an dina asuhan pangatikan Ramana nyatana Syeikh Abdullah bin Sa`ad bin Sumair Al-hadhromi r.a. anu eta ramana oge mangrupikeun salahsawios U`lama Agung. Dina eta waktos anu sakeudap Syekh Salim mampuh ngarengsekeun diajarna dina eta widang Al-Qur'an , malahan manteunna ngeupeul hasil anu sae tur prestasi anu luhur. Manteunna oge diajar widang-widang elmu sanesna sapertos elmu basa arab ( elmu lughoh ), nahwu, shorof, ma`ani,bayan, bade`, manthiq, elmu fiqih,elmu khilaf ( elmu perbedaan pendapat imam 4 madzhab ), elmu ushul, elmu tafsir, elmu tashowwuf, sareung elmu taktik militer Islam. elmu-elmu anu parantos disebatan eta, sadaya manteunna pelajari ti para geugeuden U`lama anu ka weuntar dina abad ka-12 H di daerah Hadhramaut, nagara Yaman. Anu kacateut sapalihna jeuneungan para guruna diantawis nyaeta :
  1. Syekh A`bdullah bin Sa'ad bin Sumair
  2. Syekh A`bdullah bin Ahmad Basudan
Saparantos neuleuman rupi-rupi elmu agama, dipayuneun para ulama sareung para guruna anu kawentar, manteunna ngawitan ngalengkah da`wah ilallohna kalayan padameulanna salaku guru Al Qur'an di leumburna, dina waktos enjing-enjing sareung pasosonteun, hanteu liren-lirenna manteuna ngawulang para santrina, sareung kalayan sabab kaikhlasan sarta kasa­baranna, mangka manteuna ngahasilkeun muridna jaranteun para ulama ahli Al-Qur'an di zamanna. Sabaraha taun salajeungna para santrina nambihan nyeueuran, jalmi-jalmi pada dararongkap ti luar dayeuh sareung daerah-daerah anu teubih sahingga manteuna ngaraos peryogi pikeun nambihan pangajaran ka para santrina sapertos elmu basa arab ( elmu lughoh ), nahwu, shorof, ma`ani,bayan, bade`, manthiq, elmu fiqih,elmu khilaf ( elmu perbedaan pendapat imam 4 madzhab ), elmu ushul, elmu tafsir, elmu tashowwuf, sareung elmu taktik militer Islam. Sahingga Syekh Salim ngahasilkeun para muridna jaranteun para u`lama anu kawentar dizamanna diantawis para muridna nyatana :
  1. Habib A`bdullah bin Toha Al-Haddar Al-Haddad.
  2. Syekh Al Faqih A`li bin Umar Baghuzah.
Saliyan salaku saurang pangatik anu ulung, Syekh Salim oge mangrupikeun saurang panilik politik Islam anu bangeut dipikaserab, manteunna seueur ngagaduhan ideu sareung sumbangan pamikiran anu ngajembatani persatuan umat Islam sareung ngabangkitkeun aranjeunna tina tinggaleun pamikiran. Di sagigireun eta manteunna oge seueur masihan dorongan ka umat Islam pikeun ngalawan para panjajah anu hayang ngareubut daerah-daerah Islam.
Dina hiji waktu nalika Syekh Salim disungkeun ku karajaan KYasiriyyah anu tempatna di daerah Yaman sangkan meser alat-alat peurang anu pangcanggihna dina eta waktu, mangka manteunna angkat ka Singapura sareung ka India pikeun eta kaperyogian. Padameulan manteunna ieu diajen bangeut sukses ku pihak karajaan, anu salajeungna ngangkat manteuna salaku staf ahli dina widang militer karajaan. Dijero waktu pangabdianna pikeun umat ngaliwatan jalur birokrasi manteuna hanteu kapangaruhan kalayan cara­-cara sareung unsur kadholiman anu merajalela di kalangan karajaan, malahan manteunna seueur masihan nasehat, ancaman, kritikan anu konstruktif ka karajaan.
Dina taun-taun salajeungna Syekh Salim diangkat ­janteun panasehat khusus Sultan Abdullah bin Muhsin. Eta Sultan ngawitanna bangeut nurut tur toah kana sadaya saran, arahan sareung nasehat manteunna. Namung nya`ah, dina taun-taun salajeungna eta sultan henteu nurut deui kana saran sareung nasehat manteuna, malahan doyong nyeupelekeun jeung ngahina manteunna, eta kajadian janteun nambih-nambih goreng kaayaanna sabab hanteu aya pihak-pihak anu mampuh ngadameikeun duanana, sahingga dina puncakna eta kaayaan nyababkeun anggangna hubungan antara duanana. Kalayan eta kajadian , komo deui ninggal sikeup sultan anu hanteu sportif, mangka Syekh Salim megatkeun pikeun angkat ninggalkeun Yaman. Dina eta kaayaan anu kirang kondusif, tungtungna manteunna ninggalkeun karajaan Kasiriyyah jeung hijrah nuju ka India. Eta kaayaan kirang jeulas sabaraha lami manteunna linggih di india, sabab dina waktos salajeungna, manteunna hijrah ka nagara Indonesia, pasna di Batavia atanapi Jakarta upami ayeuna mah.
Salaku hiji U`lama anu kapandang sadaya tindak tandukna ngajanteunkeun perhatosan para pangikutna, mangka perpindahan Syekh Salim ka pulo Jawa nyeubar luas kalayan peusat, jalmi-jalmi dararongkap aleut-aleutan ka Syekh Salim pikeun nyuprih elmu atanapi nyuhunkeun du`a ti manteunna. Ninggal eta kaayaan mangka Syekh Salim ngadeugkeun pirang-pirang majlis elmu sareung majlis da`wah ilalloh, ampir dina saban dinteun manteunna ngahadiran eta pirang-pirang majlis, tungtungna makin ngiatan posisi manteunna di BATAVIA ( JAKARTA ) dina eta waktu. Syekh Salim bin Sumair dipiwanoh bangeut teugas dina ngadeugkeun bebeneuran, naon bae resiko anu di singhareupanna. Manteunna oge hanteu mika reuseup lamun aya para ulama nyakeutan, manteunna oge hanteu resep gaul sakumaha umumna jalma-jalma , nya kitu deui hanteu reuseup janteun budak para pajabat. Reumeun pisan mateunna masihan nasehat sareung kritikan anu peureus ka para u`lama sareung para kiai anu reuseup bolak-balik ka para pajabat pamarentah Belanda. Martin van Bruinessen dijero seuratanna ngeunaan kitab koneng ( hanteu sadaya seuratanna dimufakatan ) oge sempat masihan komentar anu menarik ka tokoh urang ieu.
Dina sababara alenia anjeunna nyarioskeun per­bedaan pandangan jeung pamadeugan anu karandapan antara dua urang geugeuden u`lama nyatana Sayyid Utsman bin Yahya ( mufti batawi ) sareung Syekh Salim bin Sumair, anu tos kajanteunan perdebatan di kalangan umum dina eta waktu, nyatana Syekh Salim kirang panuju kana pamadeugan Sayyid Utsman bin Yahya anu loyal ka pamarentah kolonial Belanda. Sayyid Ustman bin Yahya nyalira dina eta waktu salaku Mufti Batavia anu diangkat sareung dipanujuan ku kolonial Belanda, seudeungkeun usaha ngajern­batani jurang pamisah antara `Alawiyyin ( Habaib ) reujeung pamarentah Belanda, sahingga manteunna ngaraos peryogi pikeun nyandak hatena para pajabatna.
Ku sabab eta, manteunna masihan fatwa-fatwa hukum anu saolah-olah ngadukung program jeung rencana pamarentah Belanda. Hal eta anu salajeungna nyababkeun Syekh Salim ka libat dina polemik anu panjeung reujeung Sayyid Ustman, anu nganggap manteunna hanteu konsisten dina mempertahankeun bebeneuran. Teu teurang kumaha penye­lesaianna anu karandapan dina eta waktu, anu jelas eta carita cukup kuat pikeun ngagambarkeun ka urang sadayana ngeunaan sikeup jeung pamadeugan Syekh Salim bin Sumair anu bangeut anti reujeung pamarentah anu dholim, nya kitu deui para panjajah ti kaum kuffar.
Sok sanajan Syekh Salim saurang anu sibuk dina rupi-rupi kagiatan sareung jabatan, namung manteunna oge eta hiji jalmi anu bangeut seueur dzikir ka Alloh SWT . jeung deui dipikawanoh salaku hiji jalmi anu ahli kana qiroatus sab`ah. Salahsawios rerencanganna nyaetana Syekh Ahmad Al-Hadhrawi ti Mekkah nyarioskeun: "Kaula kantos ninggal sareung ngarungu Syekh Salim ngakhotamkeun Al Qur'an mung dina kaayaan Thawaf di Ka'bah". Syekh Salim tilar dunya di Batavia dina taun 1271 H (1855 M).
Manteunna parantos ngantunkeun sababaraha karanganna diantawisna Kitab Safinah nyatana kitab anu parantos ditarjamahkeun ieu. Al-Fawaid AI-Jaliyyah. Hiji kitab anu nyawad sistem perbankan konfensional dina kaca mata syare'at
Sajorelat ngeunaan Kitab Safinah
Kitab Safinah ngagaduhan nami lengkeup " Safinatun Naja Fiima Yajibu `ala A`bdi Ii Maulah" ( parahu kasalameutan dina mempelajari kawajiban hiji abdi ka Pangeran-na ) .Ieu Kitab sok sanajan leutik wangunna tatapina bangeut ageung mangfaatna. Di saban kampung, dayeuh sareung nagara , ampir sadaya jalmi mempelajari ieu kitab , malahan nalarna , naha dina kaayaan nyorangan atanapi dina kaayaan kolektif. Di sawatara nagara, ieu kitab tiasa dipendakan kalayan gampil komo deui disawatara lembaga pangatikan. Sabab para u`lama atanapi para santri bangeut reuseup mempelajarina kalayan ati-ati sareung khusyu.Hal ieu karandapan sabab sababarah faktor, di antawisna:
  • Ieu kitab nyakup poko-poko agama halna ter­padu, kumplit tur utuh, dimimitian kalawan bab dasar-­dasar syare'at, salajeungna bab susuci, bab sholat, bab zakat, bab puasa jeung bab haji anu ditambihan ku para u`lama sanesna.
  • Ieu kitab disajikeun kalawan basa anu gampang, susunan anu hampang sareung redaksi anu gampang dipaham sarta diapal. Hiji jalmi anu serius sareung ngagaduhan kahoyong anu luhur bakal mampuh nalar sadaya eusina, mung dina waktu 2 atanapi 3 sasih atanapi langkung enggal ti eta..
  • Ieu kitab diseurat ku hiji u`lama anu kasohor dina rupi-rupi widang elmu kaagamaan, utamina fiqh sareung tashowwuf. Anu bangeut menarik, jalmi-jalmi langkung ngawanoh kana kitabna tinimbang jeuneungan anu ngarangna. Hal anu samodel kitu mangrupikeun barokah tina kaikhlasan sareung ka­tulusan anu ngarang.
  • Ieu kitab janteun acuan para ulama dina maparinkeun pangaweuruh dasar agama pikeun anu ngawitan ngelmu di Indonesia, Hadramaut Yaman, Madinah, Mekkah sareung nagara sanesna.
  • Ieu kitab nyarioskeun pirang-pirang perkara anu reumeun janteun pangabutuh sapopoe hiji muslim dina kahirupan sapopoe, sahingga sadaya jalmi ngaraos peryogi pikeun mempelajari­na.
  • Ieu kitab kalayan widi Alloh SWT. Sareung Pangeursana parantos nyeubar halna rubak di kalangan para pecinta elmu fiqih utamina anu nganut Madzhab Imam Syafi'i ra.
  • Ieu kitab dipikawanoh disawatara nagara naha di arab atanapi di Ajam sapertos : Indonesia, Yaman, Mekkah, Madinah, Jeddah, Somalia, Ethopia, Tanzania, Kenya, Zanjibar, sareung disawatara belahan nagara-nagara Afrika.Namung kitu deui perhatosan anu bangeut ageung ngeunaan ieu kitab parantos dipaparinkeun ku para u`lama sareung pecinta elmu, anu jumeuneung di semenanjung Melayu kaleubeut Indonesia, Malaysia, Singapura, sareung nagara-nagara sanesna.
  • Ieu kitab oge parantos ditarjamahkeun dina rupi-rupi basa aheng sapertos Indonesia, Melayu , Sunda, India, Cina, sareung sanesna.
Kalayan perhatosan anu khusus sareung antusias anu luhur ti para u`lama parantos ngakhidmah (ngabdi) kana kitab Safinah saluyu sareung kamampuhan kalayan kamampuhan sareung ka ahlian aranjeunna nafsi-nafsi. Seueur diantara aranjeunna anu nyeurat syarah (buku pen­jelasan) kitab Safinah, di antawisna :
  1. Kitab Kasyifatus Saja ala Safinatin Naja ( nyingkap tabir popoek kalayan syarah kitab safinah). Ieu Kitab syarah eta anu agung tur nyeubar rubak ti anu sanesna, dipinuhan kalayan masalah-masalah fiqih anu poko tur mendasar. Ieu kitab diseurat ku hiji u`lama ti Jawa Barat nyatana Syekh Nawawi bin umar al-jawi at-tanara al-bantani) r.a. Manteunna dibabarkeun di kampung tanara serang Banten dina taun 1230 H (1815M) nyatana turunan ka 12 ti maulana hasanudin banten bin raden syarif hidayatulloh sunan gunung jati cirebon, salajeungna manteunna angkat ka Mekkah pikeun nyuprih elmu nalika alit keneh. saparantos mendalami elmu agama, di dayeuh suci Mekkah, manteunna oge diajar ti para ulama di dayeuh suci Madinah, Syiria, sareung Mesir. Manteunna ngajar di Masjidil Haram Mekkah salami puluhan taun dugika tilar dunya dina taun 1314 H (1897 M)
  2. Kitab Durrotu Tsaminah Hasyiyah ala Safinah Naja (Permata anu mahal dina katerangan safinah). Ieu kitab bangeut penting pikeun dipikamilik ku para pecinta elmu, sabab dikumplitan ku pirang-pirang dalil anu sumbeurna tina Al-­Qur'an sareung Hadits Nabi saw. Ieu kitab diseurat ku Syekh Ahmad bin Muhammad Al-Hadrowi, hiji u`lama ti Mekkah. Ieu kitab diseurat dina mimitina di dayeuh Musowwi' Ethiopia, kalayan pituduh guruna nyatana Syekh Muhammad Asy-Syadzili Maroko sareung direngsekeun di dayeuh Thoif. Panulis ieu syarah dibabarkeun di Iskandariah Mesir dina taun 1252 H (1837 M) , sareung tilar dunya di Mekkah dina taun tahun 1327 H (1909 M).
  3. Kitab Nailur Raja Syarah Safinah Naja ( Ngaraih hareupan kalawan syarah safinah).Diseurat ku Sayyid Al-Habib Ahmad bin U`mar Asy-Syatiri. kalahiran Tarim Hadramaut dina taun 1312 H (1895 M), sareung tilar dunya dina yuswa anom keneh nyatana yuswa 50 taun.
  4. Kitab Nasiimul Hayah Syarah Safinah Naja( Ngaraih hareupan kalawan syarah safinah).Diseurat ku Syekh Al-Faqih Al-Qodhi Abdullah bin Awad bin Mubarok Bukair, hiji u`lama Hadramaut Yaman. kalahiran desa Ghail Bawazir taun 1314 H (1897 M). sareung tilar dunya dina taun 1399 H (1979 M) di dayeuh Mukalla
  5. Kitab Innarotud Dduja Bitanwiril Hija SSyarah Safinah Naja ( Nyaangan popoek kalawan paneurangan anu payus kalawan syarah safinah). Diseurat ku Madzhab Maliki nyatana Syekh Muhammad bin Ali bin Husein Al-Maliki, kalahiran Mekkah taun 1287 H ( 870 M) sareung tilar dunya dina taun 1368 H (1949 M).
Ti kalangan para u`lama aya oge anu katarik ngajanteunkeun ieu kitab safinah dina wangun syair-syair anu di­gubah kalayan gampang tur endah, kacateut di antara pirang-pirang jeuneungan aranjeunna nyaeta :
  1. Sayyid Habib Abdullah bin Ali bin Hasan AI-Haddad.
  2. Sayyid Habib Muhammad bin Ahmad bin Alawy Ba~agil.
  3. Kiyai Syekh Shiddiq bin Abdullah, Lasem.
  4. Syekh Muhammad bin Ali Zakin Bahanan.
  5. Sayyid Habib Ahmad Masyhur bin Thoha Al-Haddad.
  6. Sareung para u`lama sanesna.
Ari Alloh Swt. eta anu langkung Uninga.

1 komentar:

  1. hatur nuhun.....

    meni bingah pisan aya nu ngabahas kitab Safinah ku Basa Sunda

    BalasHapus