Rabu, 04 Mei 2011

69. PANUTUP

والله اعلم بالصواب نسأل الله الكريم بجاه نبيه الوسيم، أن يخرجني من الدنيا مسلما، ووالدي وأحبائي ومن إلي انتمي، وان يغفر لي ولهم مقحمات ولمما ،

Ari Alloh Swt. Eta anu langkung uninga kana beubeuneuran, nyhunkeun abdi sadaya ka Alloh Swt. Anu maha berehan kalawan ( washilah ) pangkat Nabi-Na Alloh Saw. Anu sae budi pekertina , kana mugi ngaluarkeun Alloh Swt. Ka abdi ti dunya ( ieu ) halna bari ( mawa ) islam sareung ibu rama abdi sareung pirang-pirang kakasih abdi sareung jalmi anu ka abdi narima subangsa sareung mugia ngahapunteun Alloh Swt. Ka abdi sareung ka aranjeunna, kana pirang-pirang dosa ageung sareung pirang-pirang dosa alit.

وصلى الله على سيدنا محمد بن عبد الله بن عبد المطلب بن هاشم بن عبد مناف رسول الله إلى كافة الخلق رسول الملاحم ،حبيب الله الفاتح الخاتم ،وآله وصحبه أجمعين والحمد لله رب العالمين .

Sareung mugia maparin rohmat Alloh Swt. Ka Jungjunan urang sadayana tegesna Nabi Muhammad Saw. Putra pameugeutna Sayyid A`bdillah bin A`bdil mutholib bin Hasyim bin A`bdil manaf, tegeusna utusan Alloh Swt. Ka sadaya makhluk, anu janteun utusan Ahli peurang, anu janteun kakasih Alloh Swt, anu janteun bubuka ( tegeusna asal-na ruh manusa didameul ku Alloh Swt. tina nur Nabi Muhammad Saw. Natijahna : Nabi Muhammad Saw. Bapana ruh sedengkeun Nabi adam as. Bapana jasad ) anu janteun panutup ( tegeusna moal aya deui Nabi saatos Nabi Muhammad Saw. ) sareung ka kulawargina, para shohabatna teugeusna sadayana sareung ari sadaya pujian eta teteup milik Alloh anu mangeranan pirang-pirang alam. ( tegesna Raja-Na 7 lapis langit jeung 7 lapis bumi, rajana dunya jeung akherat anu teu aya Raja di raja anging Alloh ).

تم بعون الله تعالى متن سفينة النجا.

2 komentar:

  1. Alhamdulillah ... Hapunten Kang Abdi Ijin Kopi Paste Kangge Ngaderes di lembur

    BalasHapus
  2. mohon izin copy ustadz.., punten.., kanggo pembelajaran.., hatur nuhun..

    BalasHapus